SI GÉYOT
Episode #1
Langit angkeub, mega hideung patinggumulung minuhan awang-awang, sarta katémbongna nepi ka patinggarayot ku pihujaneun. Siga geus burit kaayaan alam dina mangsa harita téh, padahal mah can manjing waktu Lohor-Lohor acan. Éta meureun, pédah kaayaan alam rada poék, alatan panonpoé teu laluasa enggoning nebarkeun cacaangna.
Dina mangsa anu sarua, di antara upluk-aplakna pakebonan, opat urang lalaki keur ngadukduk baranggawé, ngulang-ngulang paculna séwang-séwangan. Geus karolot anu tiluan mah, ditaksir tina umurna ogé geus aya kana genep puluh taunan. Anu saurang wé pangorana téh, umurna kira-kira opat puluh taunan.
Burinyay... jelegér...!
Cahya kilat ngaburinyay lir meulah awang-awang, dituturkeun ku sora guludug anu pohara pisan tarikna. Opat urang lalaki anu harita keur baranggawé ogé nepi ka patingpurungkut, sarta méh bareng narungkup ceuli.
Paralak....
Teu lila antarana, hujan mimiti turun, kalayan mingkin lila mingkin ngerepan. Opat lalaki anu harita keur baranggawé, gura-giru baé maruru ka hiji saung, anu perenahna persis pisan aya di sisieun kebon anu keur digawéan. Pacul jeung parang ogé teu poho dibarawa. Gék, nu opatan dariuk dina sisi saung. Henteu langsung haranjat, da bubuhan sukuna laledug kénéh.
Hujan mingkin ngagebrét, kalan-kalan dipapaésan ku patingburinyayna kilat jeung patingbeledagna sora guludug. Sok sanajan hateup éta saung téh ngan ukur dijieun tina éntépan daun eurih jeung kalari, henteu nepi ka iris, da bubuhan patumpuk manglapis-lapis. Tapi, aya wé ari cai hujan anu malécrét kabawa angin mah.
"Teu kaur baranggawé téh, hujan deui, hujan deui!" ceuk saurang lalaki anu geus kolot, kituna téh bari cengkat tina diukna, sarta anu saterusna mah ngumbah sukuna maké cai hujan anu patingcuruluk tina tungtung hateup.
"Heueuh. Untung wé mitohana Jang Irman mah begeur jeung ngarti, dalah gawé di Kang Dadung mah geuning, aya kalana dikurangan buruhanana téh ari hujanna lila-lia teuing mah," témpas lalaki anu saurang, kituna téh bari ngarérét heula ka lalaki nu pangorana.
Garawé di mitohana Kang Irman sigana mah éta lalaki anu tiluan téh. Ari Kang Irman mah tibang imut saulas mangsa éta lalaki ngomong kitu téh, anu saterusna pipilueun cengkat sarta nurutan ngumbah sapasang suku jeung leungeunna. Nu séjén ogé gancang baé nurutan. Ari geus karukumbah mah anu opatan haranjat, sarta guk-gék dina palupuh awi anu jadi titilamna.
"Geus cageur Si Opa téh, Aja?" tanyana saurang lalaki ka nu diajak ngomongna, mangsa ngusiwel ngaluarkeun bungkusan bako tampang tina pésakna.
"Meueusan ayeuna mah. Kamari mah matak pikamelangeun pisan, untung wé dibéré duit ku Jang Irman keur uubarna," témbal lalaki anu disebut Aja, ditungtungan ku ngarérét deui ka Kang Irman.
"Heueuh sukur, bageur da Jang Irman mah. Hampura wé, lain teu hayang méré ari kuring mah, da apal sorangan meureun, matak geus kolot kieu bélaan maksakeun buburuh ngabedug ogé bakat ku butuh, sok sanajan ari sabenerna mah awak téh asa geus ripuh!"
"Enya, keun baé da kuring ogé ngarti, anu penting mah urang silihdo'akeun wé. Aéh, Jang Irman... nuhun pisan, nya!" témbal Mang Aja, ditungtungan ku nganuhunkeun ka Kang Irman.
"Muhun, sami-sami, Mang. Ti pun bojo deuih éta ogé saleresna mah. Mamanawian wé ku Alloh dipercanten gaduh turunan ari mikanyaah ka anak batur mah, saurna téh." Katémbong dumadakan robah pamulu Kang Irman mah mangsa ngomong kituna téh.
"Sing sabar wé, nya, Jang Irman. Nu penting mah ulah eureun ihtiar. Dido'akeun pisan ku Mamang, sing sagancangna boga turunan!" Siga nu langsung ngarti Mang Aja mah mangsa nempo pamulu Kang Irman anu dumadakan robah téh.
"Aamiin. Hatur nuhun pisan pido'ana, Mang. Ari kanggo abdi sareng pun bojo mah henteu dijantenkeun teuing émutan, nanging sok isin ku nu janten mitoha. Muhun, pangpangna pisan mah mitoha istri, sok sakapeung sindir sampir. Mamang sareng anu sanésna ogé parantos uninga panginten kana perkawis éta mah." Kang Irman rut-rét ka saréréa, kalayan atra pisan némbongkeun paroman anu nalangsa.
"Enya, sing sabar wé, Jang. Tapi, da Mamang ogé geus bisa neguh jeung bisa ngira-ngira, bakat ku hayang boga incu wé meureun éta mah, da boga anak ngan ukur hiji-hijina. Sajaba ti éta, geuning ari kana barangbéréna mah sakitu bageurna, imah ogé dipangnyieunkeun."
"Enya, Jang Irman. Can nepi kana waktuna wé meureun. Adi Mamang ogé kitu, asalna mah geus leutik haté, dina umur opat puluh lima taun can dipercaya boga budak. Tapi, ari geus waktuna mah teu burung wé geuning boga turunan."
"Ukur darma kahayang urang mah, Jang. Nu penting mah teu eureun ihtiar, wé. Aéh enya, geus sabaraha taun ngarumah tangga jeung Nyi Euis téh?"
"Parantos lima welas taun, Mang. Basa abdi nikah téh dina yuswa dua puluh lima. Ayeuna, yuswa abdi téh parantos jejeg opat puluh."
"Hmm... sing sabar wé, nya!"
"Enya, Jang Irman. Boa langsung kembar boga budak téh."
"Enya. Saha nu nyaho, matak ku Alloh diceungceum heula téh sangkan Jang Irman sakulawarga leuwih bisa nyukuran tur leuwih bagja, saupama anu dipakahayang geus laksana."
Mangsa tilu lalaki keur ngélingan sarta sakaligus ngabeberah dirina téh Kang Irman mah tibang unggut-unggutan, sok sanajan ari kanalangsa jeung kakuciwa mah siga nu hésé pisan pikeun disumputkeun tina paroman beungeutna.
Lumayan lila Kang Irman jeung anu séjénna ngawarangkong di éta saung bari ngadagoan raat hujan téh. Tapi, kareseleun sigana ari kudu ngadagoan nepi ka bener-bener raat mah. Antukna, dina mangsa hujan geus teu ngagebrét teuing mah langsung baé opatanana marulang, da mémang harita téh geus manjing waktuna Lohor. Saarasupna ke pilemburan anu wangunan imahna masih kénéh ancal-acalan, jalma anu opatan marisah, seja ngajugjug ka imahna séwang-séwangan.
Teu lila antarana, Kang Irman mah geus nepi deui ka hareupeun imah panggung. Enya, imahna Kang Irman sigana mah. Saméméh asup, rurat-rérét heula ka imah anu paeunteung-eunteung pisan. Taya sasaha di téras atawa di buruanana ogé, tayohna mah pangeusina keur narumpi.
"Akang huhujanan?" Saurang awéwé anu tina umurna mah ngan ukur béda sababaraha taun aya di sahandapeun Kang Irman, ngurunyung ka téras imah.
Nyi Euis Nyi Euis téa sigana mah éta awéwé téh. Kawilang geulis mun disidik-sidik tina keureutan beungeutan mah, sok sanajan geus rada aya umuran.
"Meungpeung rada leutik hujanna, Nyi, ari ngadagoan nepi ka raat pisan mah, iraha boa!" témbal Kang Irman, kituna téh dibarengan ku nyusutan cihujan anu maseuhan beungeutna.
"Oh... nya énggal atuh geura beberesih, cai haneutna mah tos aya!"
Kang Irman tibang unggeuk. Koréléng, ka pipir imah, sarta kebat muru tampian. Sanggeus ngagantungkeun heula pacul dina pipinding tampian mah, gancang baé kokosok suku dina beungeut kulah. Genaheun éta tampian téh, saungna nyambung jeung sorondoy imah.
"Ieu cai haneutna, Kang!" ceuk Nyi Euis anu ngurunyung mawa cai panas, anu diwadahan kana baskom séng.
"Sarungna atuh sakalian!"
Teu kungsi némbalan, sanggeus nunda cihaneut mah kebat baé Nyi Euis ninggalkeun salakina, sarta teu kungsi lila ogé geus ngurunyung deui. Song, mikeun sarung ka Kang Irman. Geus kitu mah kebat baé ngoloyor deui ka rohangan dapur. Gék, dina dipan, ngadon ngakeul sangu anu karék dijait.
"Euis...!" Ti tepas imah, kadéngé aya sora lalaki anu nyalukan.
"Nuju ngakeul... ka lebet wé da teu ditulakan!" témbal Nyi Euis semu dijorowokeun, geus wawuheun pisan kana sorana matak kitu ogé.
Teu lila antarana, kadéngé ngarekétna panto imah, disusul ku gebligna sora suku, anu mingkin lila mingkin ngadeukeutan.
"Ari Jang Irman geus mulang?" Saurang lalaki anu geus kawilang aya umuran anu ngurunyung téh.
"Parantos, nuju siram. Dupi éta nyandak naon, Pa?" témbal Nyi Euis, kituna téh ditungtungan ku ngarérét kana rantang anu ditatanggeuy ku éta lalaki.
Bapana Nyi Euis sigana mah éta lalaki téh, tina dedegan awakna mah méh saentragan pisan jeung Mang Aja.
"Oh. Ieu, indung manéh ngasakan lauk emas, bisi rék ngasaan, cenah."
"Ngala ti balong?"
"Nya heueuh atuh, da ari di leuweung mah moal aya lauk!"
Tibang nyéréngéh Nyi Euis mah mangsa bapana ngomong kitu téh. Bapana Nyi Euis ogé jadi pipilueun nyéréngéh. Song, acar lauk emas dibikeun ka anakna. Gék, geus kitu mah bapana Nyi Euis dina jojodog, ngadon ngadéangkeun leungeun dina beungeut hawu.
"Padahal mah meuleum sampeu atuh, Is!"
"Teu aya sampeuna, Pa. Ari ngarabut heula di kebon mah horéam, hujan."
"Matak ogé kudu sasadiaan, atuh!"
Teu némbal, Nyi Euis mah jongjon baé neruskeun deui ngakeulna.
"Aéh, enya... kumaha perkara tatanya ka urang Pasirjotang téh, enggeus?" Bapana Nyi Euis mah siga anu teu béak bahan wangkongeun.
"Parantos. Basa kénging iber ti Bapa ogé, Kang Irman mah langsung mios. Nanging, ari teu acan waktosna mah, keukeuh wé geuning taya hasilna."
"Oh... nya sing salabar wé, nya!"
"Ema sareng Bapa anu kedah salabar mah. Wartoskeun ka Ema, ulah sindir sampir waé kituh ka Kang Irman téh, hawatos. Kirang kumaha Kang Irman mah gumati ka mitoha téh, tos siga ka sepuh nyalira. Ngurus kebon ogé, ari anu Bapa teu acan réngsé mah sok bélaan ngantep kebon nyalira, geuning!"
"Ah, dasar indung hidep atuh! Ku Bapa ogé sok diomongan. Keun baé da ari sabenerna mah nyaaheun, sakalieun boga dahareun ogé sok ninitah nganteuran waé, geuningan. Matak kitu ogé éta mah bakat ku hayang mangku incu wé meureun."
"Muhun, abdi ogé ngartos. Nanging sing hawatos wé ka Kang Irman. Sok hulang-huleng geuning ari Ema tos sindir-sampir téh!"
Tibang unggut-unggutan Bapana Nyi Euis mah mangsa anakna ngomong kitu téh.
Teu lila antarana, Kang Irman ngurunyung dina kaayaan ngan ukur mamaké sarung. Siga nu rada éra mangsa di dapur aya mitohana téh.
"Aéh, geuning aya Bapa! Tos lami?" tanya Kang Irman, kalayan basa awak anu pohara rengkuhna.
"Ah, karék gék pisan! Kumaha macul téh, geus anggeus?"
"Sadinteneun deui, Pa. Da hujan waé geuningan."
"Oh, nya keun baé, saanggeusna wé. Lamun kira-kira bakal anggeus isukan mah, sakalian wé bari pangmikeunkeun buruhunana, nya!"
"Kapanan énjing mah dinten Juma'ah, jaba abdina ogé badé ka leuweung, ngala suluh piwarang Bapa téa."
"Aéh enya, poho. Nu gararing ngala suluhna, nya. Dina paraseuneu geus ampir béak pisan!"
"Muhun, Pa. Abdi badé netepan heula, nya, bilih ahir teuing."
Bapa Nyi Euis tibang unggeuk. Geus kitu mah kebat baé Kang Irman ngoloyor ka rohangan kamarna. Sangeus salin pakéan, cong, ngalakonan kawajiban anu opat roka'at. Husu pisan katempona téh, nepi ka ngeclakeun cimata sagala. Teuing naon anu jadi musababna mah.
Enya, pikeun kalolobaanana jalma mah, pangpangna pisan mah pikeun anu ngaréka ieu carita, ngarasakeun husuna solat téh paling banter ngeclak cimata alatan inget kana mangrupaning dosa. Malah mah teu jarang, ngeclakna cimata mangsa keur solat téh alatan kajurung gerentes haté, enggoning nepikeun bangbaluh hirup ka Nu Maha Kawasa. Keun baé, teu nanaon, matak kitu ogé cirining inget kénéh. Kapanan, perkara utama anu jadi konci dina solat téh nyatana inget. Lamun teu inget pisan ka Pangéran dina mangsa keur solat mah teuing naon disebutna. Ngan, sigana mah matak daék ngalakonan kawajiban ogé, anu jadi dadasarna mah geus tangtu alatan inget ka Pangéran. Peun wéh perkara éta mah. Keun, teu kudu cegihan, sakamampuhan séwang-séwangan wé perkara ibadah mah. Tapi, lain hartina cukup ku sakitu, diajar ngaronjatkeun mah kudu diusahakeun sabisa-bisa.
Sanggeus awéh salam, Kang Irman wiridan semu gegerendengan. Sakapeung meureumkeun sapasang panonna, kalayan némbongkeun basa awak anu ajrih, sarta pasemon anu pinuh ku pameredih jeung pangharepan. Sakeclak, dua keclak, antukna mah cipanon ngamalir dina pipina, sarta patingkareclak maseuhan lahunanana.
Saréngséna nutup wiridan ku do'a, gura-giru baé Kang Irman nyusutan sésa-sésa cimata. Jung, koloyor, nyampeurkeun deui pamajikan jeung mitohana ka rohangan dapur. Tétéla, ayeuna mah di éta rohangan téh geus nyampak saurang awéwé, anu ampir saentragan pisan jeung bapana Nyi Euis. Mitoha awéwéna Kang Irman tayohna mah.
"Aéh, geuning aya Ema!" Kang Irman pohara pisan rengkuhna.
"Enya, nganteurkeun kolek waluh. Kop tah geura dalahar, meungpeung haneut kénéh!" témbal éta awéwé au kawilang geus rada umuran, kituna téh bari nuduhkeun kolek waluh anu diwadahan kana rantang.
"Aduh, mani sagalarupi atuh, Ma!"
"Lah, pék baé... rék didahar ku saha deui atuh da, incu teu boga ari Ema mah!" Indung Nyi Euis semu teugeug.
Langsung tungkul Kang Irman mah mangsa mitohana ngomong kitu téh, sabab geus teg wéh, yén éta mitohana téh keur sindir sampir ka dirina.
"Hensok geura dahar... susuganan wé jadi ngeusi, teu hapa waé!" ceuk indungna Nyi Euis deui.
"Sarnyi... sok tara jeung ugeran siah ari ngomong téh. Barangbéré téh kudu jeung pangajénna, lain dibarengan ku ngajejeléh!" Bapana Nyi Euis langsung nyorongot.
"Har... barina ogé saha anu ngajejeléh..., pan geus puguh hapa matak teu boga turunan ogé!" Indungna Nyi Euis malah malik nyureng.
"Meungeus, Sarnyi... lamun kitu waé, diképrét siah ku aing mah!"
"Sok wé wani mah képrét!" Indungna Nyi Euis malah nangtang, kangsung cengkat sarta nyangangang.
"Atos, Ma... Bapa... nanonan ieu téh maké janten raribut kieu!" Gancang baé Nyi Euis mah cengkat, pikeun meper amarah dua kolotna.
"Da Bapa manéh, sok gampang nyangangang ari nanaon téh!"
"Halah siah... bet jadi nyalahkeun kami. Bongan manéh éta mah, nyacapék téh sok sangeunahna, abong gableg létah teu tulangan!"
"Lah... ngomong wé hayang nyalahkeun kami!"
Dipisah ku nu jadi anak téh, kolotna Nyi Euis mah malah mingkin gur-ger. Ari Kang Irman, ti tadi ogé tibang tungkul siga anu pinuh ku karumasa.
"Atos, Ma... upami Ema badé kieu waé, abdi mah mending ngalih ka pilemburan anu tebih ti dieu. Supados tengtrem, henteu kénging sindir sampir waé. Matak ngabatin caket sareng Ema mah!" Bakat ku keuheul sigana mah, Nyi Euis nepi ka nyorongot sarta tutunjuk ka nu jadi indungna.
Serenteng... jeplok...!
"Akh...!"
Nyi Euis nepi ka ngagoak mangsa Kang Irman langsung nyelenteng sarta nyabok pipina téh. Nepi ka patingrarénjag indung jeung bapana Nyi Euis ogé nempo kitu mah, sabab, ari saméméhna mah Kang Irman téh teu weléh cicing, najan remen nampa sindir sampir ogé.
"Kawas anu teu diwarah sia mah. Ceuk aing ogé montong cucungah ka nu jadi kolot téh. Lamun euweuh nu jadi indung, sia rék bijil ti mana... piraku rék bijil tina beubeulahan batu mah!" Paroman Kang Irman nepi ka burahay alatan kahuru ku amarah.
"Atuh da...."
"Najan sikep atawa kekecapanana rék kumaha baé, montong dilawan kolot mah. Kudu bisa ngéléhan sia téh, pan ku aing ogé sok mindeng dipapagahan!"
"Eu... mu, muhun, Kang... hapunten!"
Mangsa Kang Irman keur nyarékan pamajikanna téh, ari indung jeung bapana Nyi Euis mah tibang silihrérét, dina kaayaan patingpolohok siga anu rareuwaseun kénéh.
"Hayu, siah... buru, mantog!" Kalayan paroman anu kebek ku kaambek, antukna mah gura-giru baé bapana Nyi Euis ngajéwang pigeulangan pamajikanna, sarta satengah digugusur ninggalkeun anak jeung nu jadi minantuna.
Sajeroning ngajéwang leungeun pamajikanana mangsa dibawa kaluar ti éta imah téh, bapana Nyi Euis mah teu eureun gegelendeng, nepi ka lila-lila mah, les wéh teu kadéngé deui sorana.
(Hanca)